Kamis, 29 Maret 2012

Puisi Basa Sunda

LAYUNG'NA JAJANTUNG
Karya : Lia Talliah
Layungna ngempurna jajantung
Bulan mabra'na pangkuan
sukna ngabelesat mapag bentang
rek ngojaan langit lenglang
          Dibaturan mega bodas
          Tingarudat gurat - gurat
          Mapay - mapay bilik kalbu
          Mapaesan taman hate
Dukma pinuh ku sugema
Meungkat Pageuh meulit rasa
(Cisitu Indah, Nopember 2006)

USUM PANEN
Karya : Yogi Ahmad Sugarna
Sawah ditutugan gunung
Parena ombak - ombakan
Mangsa memeh layung hurung
Narik ati pamandangan
          Haneuteun di saung ranggon
          Barudak euyeah - euyahan
          Ngusir manuk ngabubuhan
          Piit, galejra, jeung bondol
Sieuh, Sieuh
Manuk ulah hayang deukeut
ingkeun - ingkeun
Para kuning matak geugeut
          Usum panen tareh datang
          Patani saruka bungah
          Anu gacong tangtu jigrah
          Kadenge sora haleuang
Pare loba beubeunangan
Ditanggung aleut - aleutan
Bekel keur mangsa tigerat
Mun datang usum walurat
          Dulur-dulur,
          Tatanen gede barokah
          Tanda sukur
          Kedalkeun Alhamdulillah
(Bandung 2010)

ASIH KURING
Karya : Tevi Sonika Hidayat
Asih kuring nu terus mapaykeun bagja
Ngabewarakeun rasa
Kiwari geus suda tanaga
Saukur bisa nikreuh mapay saban tanjakan
Dibarung hegak - hegak nu teu kalis
Kapegat rasa rumasa
          Asih kuring terus padungdengan
          Antara hate jeung pikir....boa ngarangrangan
          Maluguran laun-laun jiga daun
          Ngalakay nyimpaykeun nu baris lugay
Asih kuring ngaungsar ngagelar
Kadar
(Dicutat tina Mangle No. 1972)

1 komentar:

kak kalo boleh tau isi "layung na jajantung" tuh apa ?
menceritaka tentang apa?

Posting Komentar

Kritik dan saran yang membangun dipersilahkan, jangan lupa menjaga kesopanan dengan bahasa yang baik :)