Sabtu, 16 Juni 2012

Pribasa Sunda

Pribasa nyaeta ucapan matok (yang pasti) anu ungkarana jeung eusina teu bisa dirobah.
1. Adat kakurung ku iga = Tabeat nu geus hese dirobahna
2. Bonteng ngalawan kadu = Nu lemah ngalawan nu kuat
3. Kawas cai dina daun bolang = Nasehat atawa pepatah taya nyangsana, taya harapna
4. Lamun keyeng tangtu pareng = Lamun urang daria tangtu hasil anu dimaksud
5. Goong nebeuh maneh = Muji atawa ngagulkeun sorangan
6. Hulu gundul dihidan = Nu keur untung tambahan untung
7. Lodong kosong ngalentrung = Taya kanyaho tapi loba omong
8. Mamatahan ngojay ka meri = mapatahan ku nu lewih pinter
9. Banda tatalang raga = Leuwih hade ngorbankeun banda, batan cilaka awak
10. Nyium bari ngegel = Muji bari ngarah pamere
11. Sapu nyere pegat simpal = Papisah lantaran pindah tempah, gawe, sakola, jst
12. Uyah tara tees ka luhur = Sipat anak sok ngala ka indung bapana
13. Kudu leuleus jeujeur liat tali = Kudu wijaksana dina mutuskeun sagala rupa perkara
14. Daek macok hembung di bacok = Hayang dibere embung mere

0 komentar:

Posting Komentar

Kritik dan saran yang membangun dipersilahkan, jangan lupa menjaga kesopanan dengan bahasa yang baik :)